space iklan

The Way of Life

Senin, 20 Mei 2013

PANGRUMAT SASTRA - KARYA SASTRA BUHUN / HEUBEUL (BAG. II)

1. MANTRA

Mantra ngarupakeun Karya Sastra Karuhun, anu eusina ngahubungkeun manusa jeung dunya misteri, lamun ayeuna mah mantra teh sok di samarutkeun bae disebut Jampe. 

Ciri-ciri mantra :
a. Ngawangun puisi.
b. Kecap-kecapna sok murwakanti.
c. Jumlah padalisanana dina unggal pada jeung lobana engang henteu tangtu.
d. Eusina ngandung kakuatan magis, ngahubungkeun manusa jeung dunya misteri.

Nu kaasup kana mantra di antarana:
1. Rajah dina carita pantun
2. Jangjawokan
3. Jampe
4. Singlar
5. Asihan

1. Rajah dina carita pantun

Carita pantun nyaeta carita rekaan anu paranjang, gelar dina basa lisan, ngandung hal-hal anu mere kesan pamohalan, saperti palakuna (nu boga lalakon) sarakti. Contona: bisa ngapung, bisa ngaleungit, bisa nerus bumi, jst.
Pantun hartina teh kacapi gede, atawa wangun puisi anu murwakanti.
Rajah nyaeta bubuka dian carita pantun (Rajah pamuka), mun ditungtung carita disebut Rajah Pamunah.
Anu jadi palaku dina carita pantun lolobana para Satria Pajajaran, anu disebut turunan Prabu Siliwangi.

Carita Pantun nu geus dibukukeun, di antarana:
1. Mundinglaya di Kusumah
2. Ciung Wanara
3. Lutung Kasarung
4. Nyi Sumur Bandung
5. Munding Kawati
6. Parenggon Jaya
7. Sri Sadana AL. Sulanjana
8. Panggung Karaton
9. Badak Pamalang
10.Budak Manyor

Conto Rajah Pamuka:

Tina: Catita Pantun Lutung Kasarung

Bul kukus mendung ka manggung,
ka manggung neda papayung,
ka dewata neda suka,
ka Pohaci neda suci,
kuring rek diajar ngidung,
nya ngidung carita pantun,
ngahudang carita wayang,
nyilokakeun nyukcruk laku,
nyukcruk laku nu bahayu,
mapay lampah nu baheula,
lulurung tujuh ngabandung,
kadalapan keur disorang,
bisina terus narutus,
palias narajang alas,
palias terus narutus,
........................................................
........................................................
Cag
Teundeun di handeuleum sieum,
tunda di hanjuang siang,
paranti nyokot ninggalkeun.

Conto Rajah Pamunah
Tina: Carita Pantun Mundinglaya di Kusumah

Ambuing Rajah pamunah
Aki ing Rajah pamunah
Sang kala wisesa
Rat jagat wawayangan
Tes ngenclang titisan kai amarah
Oray laki Brahma metu datang ti kulon
Mugi pulang ka kulon
Oray Brahma ti kaler pulang ka kaler
ti Wetanna pulang ka wetan
Sing ratu Ulang-aling ka luhur
Pamungkes Rjah Pamunah

2. Jangjawokan

Jangjawokan disebut oge tulak bala atawa tulak bahla, keur nolak pibahayaeun.

Conto Jangjawokan:

Nam dulur aing cikal ti heula
pang meuntaskeun aing jalan
mangka linggih mangka ambrin
bisi aya anu hiri anu dengki
anu jail kaniaya
rengkas sukuna
cocokan ceulina
rapet matana
pupul bayuna
ku Sang Kuyupuk Putih
Ya hu ya hu ya Allah

3. Jampe

a. Jampe Kabeuleum

Tung... tep
top... tewewet
hadena ge boga coet
dimana coet sok tutung
aing ge moal tutung

b. Jampe sare

Tibra-tibra ulah lali
badan turu ati tanghi
roh madep ka Allah
Laa ilaaha ila Allah
Muhamad rasul Allah

c. Jampe dangdan

Satingkes pantes
sarangkep cakep
anu nyangsang mangka gandang
anu nyampay matak palay
anu meulit mangka muhit
ti hareup geugeut mireungeuh
ti tukang melang nu nyawang
kabeh panyari awaking

4. Singlar
Keur nyinglarkeun gangguan hama pepelakan.

Contona:
Papag sungsang suda pulang
pulang ka urut sia datang
bisi aya hama beureum ti wetan
pulangkeun deui ka wetan
papag swungsang suda pulang
pulang ka urut sia datang
bisi aya hama datang
ti luhur ti handap
ti angin ti hujan
ti cai geusan mandi
ti jalan pasampangan
ulah jail kaniaya
jail pakaya umat Allah
ari deuk wani kudu ka Allah

5. Asihan

Conto 1 :

Asih aing asih ratu
asih aing asih menak
asih nini asih aki
asih indung asih bapa
patepung imut papanggih seuri
atma sapinggan teu leumpang
sacupu teu milu
gedag mayang di buruan
tutuk lembu keur gumanteur
sira welas sira asih ka awaking

Conto 2 :

Wong sakeh karena kasih
karana siya baraya
masang ia masang rama
hurung persambung ti indung
bodas persambung ti bapa
bodas cai herang jati
mugia jalma kapungkes jatining hirup
kapungkes jatining rasa
sira welas sira asih ka awaking


------- Cag dugi ka dieu heula -------


Dicutat tina:
PANGRUMAT SASTRA
Drs. H. Dana Rasmita
CV. Buana Artha



Tidak ada komentar:

Posting Komentar