space iklan

The Way of Life

Jumat, 10 Mei 2013

PANGRUMAT SASTRA - APRESIASI SASTRA SUNDA (BAG. I)

Bismillah... 
Ku medalna ieu seratan mugi-mugi bae sing janten pangdeudeul kana seratan nu parantos aya, sareng tiasa ngajembarkeun dina widang Sastra Sunda.
Nu nyusun ieu seratan rumaos masih sisip ku pangarti, ku kituna nampi pisan kritik sareng nasehat ti para pakar Sastra Sunda nu parantos moyan.
Mugi-mugi bae ieu seratan teh sing ageung paedahna. Aamiin!

-----------------------------------------------------------------------------------------------
I. APRESIASI SASTRA SUNDA

1. Papasingan (Klasifikasi) Karya Sastra

Numutkeun Bahan Penataran Sastra Sunda Dinas P dan K TK. I Jawa Barat tahun 1992, papasingan karya Sastra teh nya eta:
a. Wangunan:
1. Puisi (wangun ugeran)
2. Prosa (wangun lancaran)
3. Drama (caritana, lalakonna, naskahna)

b. Warnana (jenisna): 
1. Buhun (heubeul)
2. Anyar

c. Puisi Buhun/Heubeul:
1. Mantra
2. Kakawihan
3. Paparikan
4. Rarakitan
5. Wawangsalan
6. Pantun
7. Sa'ir
8. Guguritan (pupuh)
9. Wawacan

d. Puisi Anyar:
1. Sajak (bebas)
2. Soneta
3. Tersina
4. Kuatren

e. Prosa Buhun/Heubeul:
1. Dongeng
2. Legenda
3. Mitologi

f. Prosa Anyar :
1. Carita Pondok
2. Sketsa
3. Novel (Roman): 
    - Novel Sejarah
    - Novel Sosial

g. Drama Buhun (Heubeul):
1. Sandiwara
2. Tunil
3. Opera
4. Longser

h. Drama Anyar:
1. Drama
2. Gending Karesmen
3. Sinetron

2. Wangenan/Definisi/Istilah Karya Sastra
Apresiasi nyaeta:
1. Pangajen kana salah-sahiji karya
2. Kasadaran kana ajen inajen seni jeung budaya

Sastra, nyaeta : Karya lisan atawa tulisan anu ngandung kaendahan, boh eusina boh rakitanana.
Apresiasi Sastra, nyaeta : Kasadaran ngeunaan ajen-ajen karya lisan atawa karya tulisan anu ngandung kaendahan boh eusina boh rakitan basana.
Ngapresiasi Sastra, nyaeta : Ngalakukeun kagiatan maca hasil sastra ngaregepkeun hasil sastra, lalajo hasil pagelaran sastra, meng(nga)hayati hasil sastra jeung ngahargaan hasil sastra.
Puisi, nyaeta : Basa nu dianggit supaya endah nu kabeungkeut (kauger) ku aturan atawa patokan.
Prosa, nyaeta: Basa anu dipake sapopoe (Basa lancaran) anu teu kabeungkeut ku patokan.
Drama, nyaeta: Komposisi puisi jeung prosa anu ngagambarkeun kahirupan jeung watek, kucara dialog jeung akting.
Mantra, nyaeta: Jampe. Karya titinggal karuhun anu eusina ngahubungkeun manusa jeung dunya misteri.
Guguritan, nyaeta: Karangan pondok anu disusun make aturan pupuh.
Wawacan, nyaeta: Karangan panjang nu disusun make patokan pupuh, mangrupa carita atawa dongeng.
Gending Karesmen, nyaeta: Drama (sandiwara) anu dialogna dihariringkeun atawa dilagukeun.
Pupuh, nyaeta: Wangunan dangding anu jumlahna 17.
Guru Wilangan, nyaeta : Lobana jajaran dina unggal pada, jeung lobana engang dina unggal jajaran (padalisan).
Guru Lagu, nyaeta: Aturan sora (engang) dina panungtung padalisan, dina unggal-unggal pada.
Ngadangding, nyaeta: Nyieun atawa nyiptakeun pupuh.
Guguritan, nyaeta: Nyieun atawa nyiptakeun pupuh.
Conto: Guguritan : Kalong
            Pupuh     : Kinanti


Dicutat tina :
Buku : Pangrumat Sastra
Karya : Drs. H. Dana Rasmita
Penerbit : CV. Buana Artha
Tahun : -


Tidak ada komentar:

Posting Komentar